TEU TARAPTI

TEU TARAPTI



Medar rasa na mangsa nu salah
Teu tarapti lantaran teu surti
Jurungkunungna nafsu
Ngagedur na catur tanpa bukur
Rengkak polah tos taya kadalini
Lir sagara nu rek bedah

Nyuluuh kanu teu tembong
Hayang ngecagkeun raga
Nu pasolengkrah na tapak nu rangsak
Kaduhung teu dibendung
Hanjakal teu disungkal
Ngaberung nafsu mawa padungdung
Ngalentab bebeneran tapi katiwas
Ayeuna tinggal ngababatang
Ngalungsar katandasa lampah
Hirup teu neut
Paeh teu hos

Posting Komentar

Lebih baru Lebih lama